Senin, 05 September 2011

“KADUHUNG”


Taya tangan pangawasa. Kuring nyangsaya dina hiji jok beus, nu keur nyemprung ka lemburkeun. Paroman nu beresih, ngagambarkeun hate anu wening. Lir cinyusu nu karek ngaburial tina taneuh.
Herang ngagenyas can kakeunaan ku kokotor. Paroman nu teu weleh ngempur cahaya kadeudeuh jeung kaasih nu teu luntur ku usum laas ku jaman.
Paroman nu tara nembongkeun ka susah jeung ka sedih. Tapi sabalikna mere rasa tingtrim ka sasaha nu neuteupna.
Kuring sok inget, kana polah jeung sipat kuring baheula. Di papatahan ku kolot sok ngalawan, tara nurut jeung embung di titah. euweuh saeutik ge, nu katembong reuwas atawa sedih. Komo bari ceurik balilihanmah, jajauheun. Teuing ngahaja teu ditembongkeun.
Kuring teu wasa nolak kahayang ibu, sangkan kuring jadi jelema anu bener. Bisa ngaji, junun di ajar, jeung boga kasopanan. Bisa milih lingkungan, bisa ngabedakeun mana nu salah, mana nu bener. Sangkan urang teu ka bawa ku sakaba-kaba, sabab lingkungan bisa mangaruhan ka urang. Mun lingkungana jeung jalama-jalma anu beber, bisa kabawa bener. Kitu deui mun jeung jalma anu teu bener bisa kabawa teu bener.
Kumaha ge urangna !
Hiji mangsa, kuring keur resep-resepna kana ulin, saking resepna. Poho kana waktu, waktu di ajar, ka Masigit, jeung kana pangajaran sakola.
Indung kuring sok nitah, nitah ngaji, ngapalkeun, ka Masigit. Tapi, kuring sok tara daek.
Harita kuring balik Sakola, langsung wae ngagoler dina korsi, bari ngareuereuhkeun awak sakeudeung. Keur kitu, kuring inget dina jero kulkas aya nutrisari. Cokot wae ku kuring, langsung wae diregot da nutrisarina geus meunang ninyuh jeung meunang niiskeun dina kulkas. Asa aya ku ni'mat, tas cape nginum nutrisari, tiis nyerecep kana tikoro. Ujug-ujug ras kereteg dina hate, inget kana pangalaman kuring keur SMP anu kacida bangorna, tara nurut kana parentah kolot, jeung embung dipapatahan.
Keur kitu, karungu aya sora motor. Saha nya ? pikir kuring. Bari ngilik-nglik tina jandela hareup. Sing horeng si Agus, babaturan sakelas.
Kadieu kajero??
ceuk kuring, ka si Agus, sup si Agus asup ka imah kuring.
Tas timana euy Gus ? geuning hol ti dinya?”
Ah biasa wae, tas ulin heula ti imah si Jajang bari sakalian ka pasar meuli sapatu. Da sapatu urang geus molongo handapna, jadi mun hujan sok baseuh ka jerona“, omong Agus.
Oh, Kabeneran atuh, urang rek nyarita ka maneh”
Nyarita naon Nu ?” jawab Agus.
Rek nyaritakeun pangalaman urang keur SMP, Kieu caritana”, cekeng teh, “Urang keur SMP teh, di ajar teu bener, di titah ka Masigit sok tara daek, jeung di papatahan ku kolot sok ngalawan. Geus lir ari di ajarmah!
Geuning maneh kitu??”Tempas Agus.
Ah nya kitu tea meureun, urang keur meumeujeuhna resep kana ulin. Neangan jati diri, hayang ka alem ku batur jeung kabawakeun ku batur ongkoh! Sabab urangmah, jalmana babari ka pangaruhan ku batur. Urang keur hayang-hayangna jadi pamaen bola, unggal poe latihan jeung maen bola. Nepikeunka poho kana waktu, mana waktu keur ulin jeung mana waktu pikeun di ajar. Ongkoh meureun keur SMP mah, urang can mikir pikeun kahareupna.da meureun umur leutik keneh, can dewasa”.
Ayeunamah, karasa na hate.geuning papatah kolot kacida mangpaatna jeung bener!! hanjakal urang teu nurut kana parentah kolot, baheula teh. Meureun ayeuna, bisa ngaji, meunang elmu nu mangpaat, jeung bisa nurutkeun kahayang indung. Sangkan urang jadi jelema anu bener!.
Hanjakal,hanjakal,hanjakal jeung kaduhungmah tara datang tiheula. Nu hanjakal ti heula mah, iwal ti nungtun domba. Da lamun teu tiheula mah, moal di tubruk. Nu matak ayeunamah, rek soson-soson di ajar, sangkan jadi jelema anu bener. Sugan wae bisa ngabagjakeun kolot.
Mun di papatahan jeung di titah ku kolot rek nurut. Sieun keuna ku paribasa, ”Nu hanjakal tiheula mah iwal ti nungtun domba. Jeung sieun kaduhung jeung hanjakal anu kadua kalina.
Sabab hanjakal jeung kduhungmah, tara datang tiheula!!!

Tasikmalaya, 17 Mei 2010.

Nunu Nugraha


Kamis, 18 Agustus 2011


Ku Nunu Nugraha



Galunggung”

Sakuriling bungking jempling,rehe simpe.
Langit lenglang sakalintang,taya hahalang aling-aling.
Dewi Srikandi, rintih ngalirik bumi.
Nyawang buana, nyeboran alam ku cahya nu gumiwang.
Bentang lapat-lapat,tingcarelak tingkaretip.
Angin ngahiliwir ngagasir tatangkalan, ngolear nebak kakayon.
Dangdaunan tingarendag oyag-oyagan arusik, lir nu keur dzikir di jero masjid.
Manusa tibra ngageubra, taya karingrang.
Dipepende ku gundam..
Dieyong-eyong ku impenan..
Jauh.....
Jauh.....
Jauh.....
ngarunggunuk gunung Galunggung, remeng-remeng.
Disimbutan ku kekemben halimun, haseupna ngelun mumbul ka langit.
Ngalayang diawang-awang lenglang, ngalindih langit nu beresih.
Diluhureun gunung nu sakitu jangkung.
Tur melung..
Gunung Galunggung



Galunggung, 20 Desember 2010


Senin, 15 Agustus 2011


Ku Nunu Nugraha



Do'a.....
Guligah manah,nu karasa..
Mun parantos emut kana dosa.
Paripolah nu teu matut
Tindak-tanduk nu teu Nyuku..

Duh Gusti....
Hapunten abdi tina sadaya kalepatan sareng
dosa”.

Duh Gusti...
Nyuhunkeun panghampura,sateuacan abdi
Ngahanju...
Abdi alim,ari kedah janten suluh dina
seuneu naraka
Nukacida panasna
Kacida Heabna...
teu ka gambar sapertos kumaha,panasna...
Neretelan tultel mapay
Ngalentab kana raga....
Tuluy janten areng

Duh Gusti...
Tebihkeun abdi tina seuneu naraka
Seuneu nu kacida
Panasna.

Duh Gusti yang Widi..
nu Maha Murba Wisesa
Abdi nyuuh sujud ka
Gusti...
Sujud ngaluuh

Ngabangingik
Nganti-nganti pangasih Azzali..
Ceurik campur getih,
Ngocor cai soca

Sila neda panghampura.
Ti Gusti nu Maha
kawasa..
Duh Gusti...
Hapunten abdi
Amin,

                                                                                                                           Ciamis,5 Agustus 2011