Kamis, 18 Agustus 2011


Ku Nunu Nugraha



Galunggung”

Sakuriling bungking jempling,rehe simpe.
Langit lenglang sakalintang,taya hahalang aling-aling.
Dewi Srikandi, rintih ngalirik bumi.
Nyawang buana, nyeboran alam ku cahya nu gumiwang.
Bentang lapat-lapat,tingcarelak tingkaretip.
Angin ngahiliwir ngagasir tatangkalan, ngolear nebak kakayon.
Dangdaunan tingarendag oyag-oyagan arusik, lir nu keur dzikir di jero masjid.
Manusa tibra ngageubra, taya karingrang.
Dipepende ku gundam..
Dieyong-eyong ku impenan..
Jauh.....
Jauh.....
Jauh.....
ngarunggunuk gunung Galunggung, remeng-remeng.
Disimbutan ku kekemben halimun, haseupna ngelun mumbul ka langit.
Ngalayang diawang-awang lenglang, ngalindih langit nu beresih.
Diluhureun gunung nu sakitu jangkung.
Tur melung..
Gunung Galunggung



Galunggung, 20 Desember 2010


Senin, 15 Agustus 2011


Ku Nunu Nugraha



Do'a.....
Guligah manah,nu karasa..
Mun parantos emut kana dosa.
Paripolah nu teu matut
Tindak-tanduk nu teu Nyuku..

Duh Gusti....
Hapunten abdi tina sadaya kalepatan sareng
dosa”.

Duh Gusti...
Nyuhunkeun panghampura,sateuacan abdi
Ngahanju...
Abdi alim,ari kedah janten suluh dina
seuneu naraka
Nukacida panasna
Kacida Heabna...
teu ka gambar sapertos kumaha,panasna...
Neretelan tultel mapay
Ngalentab kana raga....
Tuluy janten areng

Duh Gusti...
Tebihkeun abdi tina seuneu naraka
Seuneu nu kacida
Panasna.

Duh Gusti yang Widi..
nu Maha Murba Wisesa
Abdi nyuuh sujud ka
Gusti...
Sujud ngaluuh

Ngabangingik
Nganti-nganti pangasih Azzali..
Ceurik campur getih,
Ngocor cai soca

Sila neda panghampura.
Ti Gusti nu Maha
kawasa..
Duh Gusti...
Hapunten abdi
Amin,

                                                                                                                           Ciamis,5 Agustus 2011