Kamis, 18 Agustus 2011


Ku Nunu Nugraha



Galunggung”

Sakuriling bungking jempling,rehe simpe.
Langit lenglang sakalintang,taya hahalang aling-aling.
Dewi Srikandi, rintih ngalirik bumi.
Nyawang buana, nyeboran alam ku cahya nu gumiwang.
Bentang lapat-lapat,tingcarelak tingkaretip.
Angin ngahiliwir ngagasir tatangkalan, ngolear nebak kakayon.
Dangdaunan tingarendag oyag-oyagan arusik, lir nu keur dzikir di jero masjid.
Manusa tibra ngageubra, taya karingrang.
Dipepende ku gundam..
Dieyong-eyong ku impenan..
Jauh.....
Jauh.....
Jauh.....
ngarunggunuk gunung Galunggung, remeng-remeng.
Disimbutan ku kekemben halimun, haseupna ngelun mumbul ka langit.
Ngalayang diawang-awang lenglang, ngalindih langit nu beresih.
Diluhureun gunung nu sakitu jangkung.
Tur melung..
Gunung Galunggung



Galunggung, 20 Desember 2010


Tidak ada komentar:

Posting Komentar